Fund drives/2005/Q4 planning/Translations/Fundraising drive letter - su

From Meta, a Wikimedia project coordination wiki

(ang) (ar) (ast) (bg) (br) (ca) (cs) (cy) (da) (de) (en) (el) (eo) (es) (et) (fi) (fr) (gl) (hu) (he) (ia) (id) (it) (ja) (ko) (ml) (nap) (nl) (nn) (pl) (pt) (ro) (ru) (sc) (sk) (sl) (sh) (sr) (su) (sv) (th) (tr) (vi) (ua) (wa) (zh) edit


Pangaweruh téh kakuatan. Mangga bantuan sangkan bisa tetep gratis!

Yayasan Wikimédia katut puluhan rébu sukarélawan nu nyumbangkeun waktu, tanaga, jeung kaahlianana pikeun proyék-proyékna yakin yén pangaweruh téh kakuatan, sahingga geus sakuduna gratis.

Pangrojong ti salira parantos ngamungkinkeun Wikipédia jadi énsiklopédi pangbadagna di sakuliah dunya. Sababaraha taun ka tukang mah wikipedia.org téh teu asup kana ramatloka top 10.000; sedengkeun Nopémber 2005 kamari geus asup top 30 nu miboga dua satengah milyar kaca. Kalawan pitulung anjeun, taun payun mah mudah-mudahan puluhan juta jalma lianna bakal migunakeun Wikipédia katut proyék sawargina.

Pikeun ngindungan pamaca nu sakitu lobana, danana téh nérékél ti $15,000 taun 2003, $125,000 taun 2004, nepi ka $700,000 taun ieu. Taun payun, Yayasan Wikimédia perlu nyiapkeun jutaan pikeun miara sarta ngaronjatkeun software jeung métode sangkan mutu kandunganana leuwih hadé, sarta neruskeun hanca nyadiakeun pangaweruh kalawan gratis pikeun balaréa. Pamugi henteu alit manah, kieu sotéh pami urang sabilulungan silih bantu.

Wikipédia sawargi bisa ngadeg mun aya kontribusi: kontribusi para éditor nu sukaréla nyumbangkeun waktu jeung tanagana, sarta kontribusi para donor nu mantuan sacara finansial. Sakumaha éditan leutik nu geus bisa mantuan ngawangun eusina, sumbangan dana nu rata-rata $20 téh geus mantuan sangkan eusina éta bisa mangpaat.

Sumbangan ti sadérék sadaya nu bisa mertahankeun hirup-huripna ieu proyék téh. Sumbangan ka Yayasan Wikimédia tiasa disanggakeun nganggo artos luyu sareng pilihan sadérék, sarta tiasa ngirangan beban pajeg mun di AS mah. Di Jérman jeung Prancis, sumbangan ka Wikimédia lokal (Wikimedia Deutschland, Wikimedia France) ogé tiasa ngirangan beban pajeg.

Ayeuna pisan mangsana pikeun mantuan matéakeun dunya ku pangaweruh gratis.

Nuhun pisan kanggo kasaéan sadérék!

Jimmy Wales, Florence Devouard, Angela Beesley, sarta Tim Wikimédia lianna.


Catetan: pangumpulan dana ieu bakal lumangsung ti Jumaah, 16 Désémber 2005 dugi ka Jumaah, 6 Januari 2006.