Wikisource

From Meta, a Wikimedia project coordination wiki
This page is a translated version of the page Wikisource and the translation is 56% complete.
Outdated translations are marked like this.

Wikisource nyaéta hiji proyék Wikimédia pikeun ngawangun pabukon tulisan/téks bébas. Mitembeyan taun 2003, mimitina mah disebut "Proyék Sourceberg" (nyolédatkeun tina proyék non-Wikimédia nu saméméhna geus aya kalawan tujul anu sarupa, Proyék Gutenberg), kiwari ngarancabang kana rupa-rupa basa dina taun 2005. Kiwari, pabukon Wikisource ngimahan buku, nopél, éséy, dokumén sajarah, sajak, surat, biantara jeung dokumén lianna, naon baé sapanjang bisa medal dina panangtayungan lisénsi kontén nembrak CC-BY-SA.

Ngaran, Slogan, Lambang

Lambang asli Wikisource
  • Tingali grafik multibasa "Wikisource – Pabukon Bébas", pikeun ngaran proyékna jeung slogan dina welasan basa.
  • Logo Wikisource kungsi robah. Mimitina gambar .jpg (sakumaha katempo di luhur), tapi kiwari jadi gambar .svg gunung és (sakumaha katempo di punclut ieu kaca).

Béréndélan Wikisource

Ieu minangka béréndélan subdomain basa Wikisource. Tempo Wikisource:Languages pikeun béréndélan basa anu can boga subdomain sorangan; diimahan di Wikisource multibasa.

Wikisource Alemanik, Prisia Kalér, Bavaria jeung Rhine Franconia

Wikisource Alemanik dijieun salaku rohang ngaran anu misah di Wikipédia Alemani: Alemannischi Textsammlig (Wikisource) pon kitu ogé, Wikipédia Frisia Kalér, Wikipédia Bavaria, jeung Wikipédia Rhine Franconia ngadopsi proyék Wikisource dina rohang ngaran Text: Nordfriisk Bibleteek, Boarische Text, Rheifränggische Tegschdsommlung.

Sawala historis

Mangga buka kaca sawala.

Baca ogé