Tantangan WikiTeroka 2.0
Appearance
Outdated translations are marked like this.

Wilujeng Sumping di kaca Tangtangan WikiTeroka 2.0!
Hadiah
Hadiah pikeun 3 (tilu) urang anu ngumpulkeun poin panglobana dina WikiTeroka 2.0 basa Sunda bakal meunang voucer OVO/GOPAY anu nominalna:
- Pinunjul
Rp1.000.000,00 (sajuta rupiah)
- Pinunjul
Rp800.000,00 (dalapan ratus rébu rupiah)
- Pinunjul
Rp500.000,00 (lima ratus rébu rupiah)
Salian ti voucer, 5 (lima) urang anu ngumpulkeun poin panglobana ogé bakal meunang suvenir husus ti Wikimédia Indonésia.
Katangtuan Umum
- Ieu tangtangan lumangsung ti tanggal 1 April - 30 April 2021.
- Tangtangan ieu sipatna individu.
- Anjeun wajib tumut kana kawijakan ruang ramah acara Wikimédia Indonésia.
- Warga Nagara Indonésia (WNI) sarta domisili di Indonésia.
- Umur minimal 17 taun nalika tangtangan dimimitian (per 1 April 2021).
- Anjeun teu bisa milu dina ieu tangtangan, saupama:
- Mangrupa anu narima Hibah Buku, Hibah Pakét Internét, sarta program Béasiswa Daring bulan April.
- Mangrupa staf/konsultan/pangurus/pangawas Wikimédia Indonésia.
- Mangrupa anu narima Hibah Proyék Saraswati anu tacan ngabéréskeun kawajibanna (artikel dikumpulkeun 100%, jeung minimal 50% di antarana lulus).
- Upama Anjeun aya kasusah dina hal téhnis jeung kawijakan, Anjeun bisa ngabéjaan panitia ngaliwatan surélék kompetisi
wikimedia.or.id. Anjeun ogé bisa maca Kaca tanya jawab pikeun babaraha patalékan anu sok ditanyakeun.
- Panitia boga hak pikeun ngadiskualifikasi Anjeun upama ngaganggu kalancaran ieu tangtangan.
- Kawijakan panitia sipatna final sarta teu bisa diganggu gugat.
Katangtuan Téhnis
Katangtuan sistem ajén
- Artikel dijieun ku Anjeun sorangan (lain ngamekarkeun artikel taratas), mimiti tanggal 1 April 2021 jam 00.00 UTC (07.00 WIB) nepi ka 30 April 2021 jam 23.59 UTC (1 Méi 2021 jam 06.59 WIB).
- Artikel anu geus diajén bisa dibenerkeun nepi ka tanggal 1 Méi 2021 jam 06.59 WIB. Éditan lian dina artikel liwat ti waktu éta moal diajén.
- Henteu ngalakukeun plagiarisme.
- Artikel ditulis maké ragam basa loma sarta basa Sunda anu hadé tur merenah. Perhatikeun kana tanda baca, hurup déngdék, éjahan, sarta kapitalisasi.
- Wajib méré rujukan anu bener unggal nambahan kontén sarta geus nyumponan katangtuan ieu. Upama maké rujukan tina ramatloka (situs wéb) warta/média massa, wajib maké situs wéb anu boga rédaksi anu jelas.
- Unggal paragraf wajib boga minimal 1 rujukan anu bisa dipercaya.
- Bisa narjamahkeun artikel ti Wikipédia basa Indonésia atawa Inggris.
- Kontén atawa artikel anu teu nyumponan katangtuan moal diitung ku panitia.
Sistem ajén
- Anjeun kudu nyieun artikel anyar anu katangtuanna:
- Minimal 5.000 bita
- Minimal 2 rujukan
- Minimal 1 subjudul, salian ti rujukan/daptar pustaka/bibliografi
- Unggal artikel anu dijieun bakal diajén dumasar topikna, anu katangtuanna:
- Artikel kalawan topik bébas dibéré 1 poin.
- Artikel kalawan topik budaya daérah Indonésia dibéré 5 poin.
- Sakabéh artikel penting non-sains dibéré 5 poin.
- Sakabéh artikel penting kalawan topik sains (alam jeung sosial) dibéré 10 poin.
Daptar artikel penting bisa ditempo runtuyanana dina kaca ieu: List of articles every Wikipedia should have/Expanded
Kalawan katangtuan
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/People teu kaasup kana katégori artikel penting.
- Kaasup kana katégori artikel penting non-sains
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/History
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/Geography
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/Arts
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/Philosophy and religion
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/Anthropology, psychology and everyday life
- Kaasup kana katégori artikel penting sains
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/Society and social sciences
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/Biology and health sciences
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/Physical sciences
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/Technology
- List of articles every Wikipedia should have/Expanded/Mathematics
Méré saran sarta menerkeun artikel pamilon séjén
Anjeun bisa meunang poin tambahan maksimal 3 poin ku cara méré saran sarta menerkeun artikel pamilon séjén di kaca obrolan artikel éta. Unggal artikel anu dibéré saran dibéré 0,5 poin. Katangtuanna:
- Pamilon geus nyieun minimal 6 artikel.
- Koméntar ditulis dina basa Indonésia.
- Koméntar bisa ngeunaan basa, rujukan, sarta kontén. Pilihan lianna, Anjeun ogé bisa nambah rujukan sarta kontén minimal 500 bita.
- Anjeun moal meunang ieu poin saupama henteu ngaklaim ngaliwatan ieu tutumbu di handap.
Cara ilubiung
- Daptar liwat tutumbu formulir di luhur.
- Mangga nyieun artikel anu luyu jeung katangtuan pasanggiri sarta dikumpulkeun liwat tutumbu anu aya.
- Panitia bakal mariksa sarta ngajén artikel anu geus dijieun ku Anjeun.
- Husus pikeun poin tambahan "koméntar jeung menerkeun artikel pamilon séjén", Anjeun kudu nyumponan katangtuan di luhur, sarta ngaklaimna liwat tutumbu anu aya.