Sorotan Wikimédia, Désémber 2015

From Meta, a Wikimedia project coordination wiki
This page is a translated version of the page Wikimedia Highlights, December 2015 and the translation is 100% complete.



"Wikidata Birthday Talk Magnus Manske.jpg" by Jason Krüger, freely licensed under CC BY-SA 4.0; "Solomon_Northup_by_Nebro,_edit.jpg" from Twelve Years a Slave (1853), public domain.; "(2011 Education for All Global Monitoring Report) -Government primary school in Amman, Jordan - Young girls reading.jpg" by Tanya Habjouqa, freely licensed under CC BY-SA 3.0 IGO; Collage by Andrew Sherman.

Kapidangkeun sorotan ti blog Wikimédia bulan Désémber 2015.

Wikipédia ngarayakeun 15 taun pangaweruh bébas


Nandaan milangkala Wikipédia anu ka-15, komunitasna ngayakeun kariaan ku ampir 150 acara di genep buana. Anapon Yayasan Wikimédia ngémbarkeun pangrojong pikeun mulasara Wikipédia ka hareupna. Photo by Tanya Habjouqa, freely licensed under CC BY-SA 3.0 IGO.

Ping 15 Januari, urang henteu ukur ngariakeun Wikipédia, tapi ogé gumelarna hiji ideu: yén singsaha waé bisa nyumbang kana pangaweruh dunya. Salaku bagian tina ieu hambalan, Yayasan Wikimédia ngémbarkeun [Sumbangan Wikimédia https://15.wikipedia.org/endowment.html], sumber pendanaan abadi pikeun ngajamin hurip-hirupna Wikipédia pikeun anak incu salajengna. Udagan Yayasan nyaéta ngumpulkeun $100 juta dina sapuluh taun. Anjeun bisa nuturkeun ieu kagiatan ku nandaan @Wikipedia, ku tagar #wikipedia15, sarta sindang ka 15.wikipedia.org.

Lima welas taun kaliwat, Wikipédia téh loka anu béda pisan: Magnus Manske


Magnus Manske, kontributor Wikipédia ti 2001, nyarita di Kariaan Milangkala Wikidata ka-3 taun 2015 di Wikimédia Jérman. Photo by Jason Krüger, freely licensed under CC BY-SA 4.0.

Manske inget pisan poé-poé munggaran Wikipédia: “Balik ka 2001, Wikipédia téh budak anyar. Urang téh underdog, mitembeyan ti papan kosong, nyusul éntitas sarupaning Brockhaus jeung Britannica, lajeng jadi raksasa dina dunya énsiklopédi. Kuring inget mangsa Kaca Utama nyebutkeun ‘Urang kiwari boga 15 artikel anu lumayan. Urang hayang nyieun 100.000, ku kituna hayu urang gawé.’ ‘Lumayan’ nujul ka taratas anu sahanteuna ngandung hiji koma.” Harita, dalah MediaWiki—sopwér anu ngarojong Wikipédia jeung loka wiki lianna—ogé can aya. Salajengna, kamekaran loka nyusahkeun kodeu UseModWiki asli, alatan teu bisa nuturkeun. Manske nyieun kodeu gaganti pikeun UseMod, anu dingaranan Phase II. Ieu nambahkeun sababaraha inopasi anu nepi ka kiwari dipaké kénéh ku éditor Wikipédia, kayaning ngaranspasi, awaskeuneun, jeung béréndélan kontribusi pamaké.

Ngajadikeun data pageview gampang dibuka


Solomon Northup téh minangka artikel Wikipédia anu panglobana dibuka 12 Désémber, dumasar kana HatNote’s Top 100—app anyar anu ngamangpaatkeun API pageview anyar. Illustration from Twelve Years a Slave (1853), public domain.

Wikipédia jeung proyék-proyék dulurna nampa leuwih ti 16 miliar ténjo kaca unggal bulan-leuwih ti dua tikel manusa pangeusi dunya. Popularitas artikel Wikipédia anu béda bisa némbongkeun trén di masarakat lamun urang ngasongkeun pananya basajan: naon anu leuwih popular dina Wikipédia Spanis, fideuà atawa paella? Sabaraha kali Wikipédia Punjabi diténjo sanggeus éditaton anu panungtung? Naon anu panglobana ditéang di Wikivoyage Jérman?

Ayeuna anjeun bisa maké API ténjo kaca anyar Yayasan Wikimédia pikeun nyiar jawabanana kalawan gancang tur gampang. API ieu diwangun dina arsitéktur RESTful anu matak gampang nyiar data maké URI. Sangkan leuwih gampang dipaké, aya klien R jeung klien python anu anyar medal.

Tingkesan

Andrew Sherman, Digital Communications Intern, Wikimedia Foundation

Social Media
  • Geus loba kajadian di Wikipédia salila 15 taun. Malahan aya API ténjo kaca anu anyar pikeun nempo sababaraha jujutanana. Pariksa lalakonna jeung sorotan lianna ti bulan kamari di blog Wikimédia.
  • Tingali API ténjo kaca anyar Wikipédia, sarta sorotan lianna ti bulan kamari di blog Wikimédia.
  • Kenal ka anu sakirana kairut pikeun maca blog Wikimédia panghadéna dina ieu basa? Mangga bagikeun baé ieu kiriman!