Translation requests/WMF/Fundraising pages/Ngumpulkeun dana

From Meta, a Wikimedia project coordination wiki

(ang) (ar) (ast) (bg) (br) (ca) (cs) (de) (en) (el) (eo) (es) (et) (eu) (fr) (gl) (hu) (ia) (id) (it) (ja) (ko) (nl) (nn) (pl) (pt) (ro) (ru) (sl) (sr) (su) (sv) (th) (tr) (ur) (vi) (wa) (zh) edit


Bayangkeun mun unggal jalma bisa ngaksés sadaya pangaweruh kalawan gratis.
Ieu pisan nu keur dikeureuyeh ku urang téh.

Pitulung sadérék diantos pisan.

 

Yayasan Wikimédia (Wikimedia Foundation Inc.) mangrupakeun organisasi nirlaba nu tujuanana pikeun nyadiakeun pangaweruh kalawan gratis ka unggal jalma di sakuliah dunya. Tujuan ieu dihontal ku cara miara, ngamekarkeun, sarta nyebarkeun karya bébas dina proyék-proyék wiki Wikimédia nu didanaan ku masarakat.

Wikimédia nyadiakeun sumberdaya widang komputer jaringan pikeun nyiptakeun sarta nyebarkeun karya rujukan kayaning Wikipédia, Wiktionary, Wikiquote, Wikibooks (Pustaka Wiki), Wikinews, Wikisource sarta Wikimedia Commons. Kandungan ieu proyék disanggakeun ka masarakat kalawan gratis.

Kumaha sumbangan sadérék tiasa ngabantos

Sadaya loka Wikimédia mah bébas tina iklan. Nu maraca teu dipajeg nalika ngédit, maca, atanapi migunakeun eusina, éstuning gumantung pisan kana sumbangan. Kamekaran patali marga sarta kandunganana meryogikeun pangropéa hardware matuh sangkan tetep tiasa jalan. Béaya lianna nyaéta ongkos bandwidth, rohangan, nawur ngaran domain, pancén pamekaran software, sarta, tangtos baé, ongkos jalan.

Mangga uningaan Anggaran 2005 kanggo dadaran nu kalangkung, nu ngadadarkeun ka maha léosna sakadang artos, sarta meta:Wikimedia servers/hardware orders pikeun dadaran hardware nu parantos dipésér tina pangumpulan dana kalangkung.

Yayasan Wikimédia ogé peryogi dana kanggo naratas widang eusi réréongan ieu. Lian ti éta, ogé peryogi hibah kanggo ngongkosan disebarkeunana kandungan Wikimédia ka wewengkon nu teu gaduh aksés Internét. Tiap sumbangan téh kalintang ageung ajénna. Upami aya patarosan ngeunaan sumbangan atanapi Yayasan Wikimédia, mangga teu kedah asa-asa naros.

Cara nyumbang

Yayasan Wikimédia gaduh status bébas pajeg 501(c)(3) di AS.
Sumbangan ti nagara séjén ogé tiasa ngirangan beban pajeg. Mangga tingal deductibility of donations kanggo langkung jéntré.

Kartu Kiridit/Online

Mangga nyumbang online ngalangkungan PayPal atanapi MoneyBookers migunakeun formulir basajan di tumbu di handap ieu. Wasta rekeningna nyaéta donation@wikipedia.org. Di PayPal mah tiasa sakali, bulanan, atanapi taunan (ngabolaykeun).

<html> <img src="http://wikimediafoundation.org/upload/7/78/Credit_cards.png" alt="Visa, MasterCard, Discover, American Express, eCheck" /> </html>

Sadérék teu kedah gaduh rekening PayPal kanggo sakali nyumbang di dieu.

Nyumbang Dollar AS:
Sakali - Bulanan - Taunan

Nyumbang Pounds Sterling:
Sakali - Bulanan - Taunan

Nyumbang Dollar Kanada:
Sakali - Bulanan - Taunan
Nyumbang Dollar Australia:
Sakali - Bulanan - Taunan
Nyumbang Euro:
Sakali - Bulanan - Taunan

Nyumbang Yén Jepang:
Sakali - Bulanan - Taunan

<html>

<a href="http://www.moneybookers.com/app/?rid=312838/" target="_blank"><img style="border-width: 1px; border-color: #8B8583;" src="http://www.moneybookers.com/images/banners/88_en_intl.gif" width="88" height="31" border="0" alt="MoneyBookers" /></a>

</html>

Ti Maret 2005, MoneyBookers nampi 27 mata uang: Euro, Pound Inggris, Lev Bulgaria, Dollar AS, Dollar Australia, Dollar Kanada, koruna Céko, Krone Denmark, Koruna Éstonia, Dollar Hong Kong, Forint Hungaria, Shekel Israél, Yén Jepang, lat Latvia, Ringgit Malaysia, Dollar Taiwan, Dollar Selandia Anyar, Krone Norwégia, Zloty Polandia, Dollar Singapura, Koruna Slovakia, Tollar Slovénian, Rand Afrika Kidul, Won Korsél, Krona Swédia, Franc Swiss, jeung Baht Thailand. Sacara umum, béa MoneyBookers langkung mirah batan PayPal.

Wésel

Sadérék tiasa ngintun wésel ka koropak Wikimédia di alamat

Wikimedia Foundation Inc.
200 2nd Ave. South #358
St. Petersburg, FL 33701-4313

Upami ngintun ti luar AS, upami tiasa mah nganggo order artos internasional atanapi cék nu tiasa diartoskeun di AS, supados teu kedah aya biaya tambihan. Ngintunkeun cék asing (atanapi naon baé ti bank di luar AS) biayana tiasa langkung ti $50. Omat, ulah ngintun artos dina surat.

Transfer artos

Yayasan Wikimédia gaduh rekening bank Dexia di Bélgia nu tiasa nampi transfer artos.

Rekening atas nami: Wikimedia Foundation
Bank: Dexia bank - Pachecolaan 44 - 1000 Bruxelles - Belgium
IBAN: BE43 0689 9999 9501
BIC (swift code): GKCCBEBB

Bantahan: peryogi diuningan yén kaca ieu atanapi tumbu-tumbu ti loka Wikimédia nu nujul ka kaca ieu teu dimaksudkeun pikeun maksa nyungkeun sumbangan.

Balanja unak-anik

Wikipedia merchandise at Cafe Press: 20% tina harga barang nu digaleuh langsung lebet ka Yayasan Wikimédia.

Pangumpulan dana nu kalangkung

Pangumpulan dana anu tos kalangkung diringkeskeun di